Saturday, May 5, 2012

Zodiak anda persi sunda 2012

Zodiak anda persi sunda 2012 :

1. Pirgo - Pagawean nu cocok : Dagang jengkol. Keuangan : Hambur pisan. Asmara : Teangan nu rada cageur.

2. Akuwarius - Pagawean nu cocok : Dagang taraje jeung bilik. Keuangan : Eureunan unjam injem wae. Asmara : Sakeudeung deui jomblo, dikepret calon mitoha.

3. Piskes - Pagawean nu cocok : Ngangkutan galon cai, sakapeung ngojek jeung ngiriman BBM ocon. Keuangan : Ledeh, loba urusan pacorokokod. Asmara : Ditolak deui, angger teu pira pedah rorombeheun.

4. Ariyes - Pagawean nu cocok : ngamandian domba. Keuangan : loba ngahutang, gaji kapotongan wae. Asmara : benerkeun heula beungeut.

5. Tawurus - Pagawean nu cocok : Ngored jukut keur parab embe jeung dagang lahang. Keuangan : Katipu baturan deukeut. Kudu diruwat. Asmara : Teu payu-payu, ganti peletna.

6. Gemini - Pagawean nu cocok : Ngurek belut, ngala tutut. Keuangan : Bangkar, jujualan baju mitoha. Asmara : Ucrat-acret teuing. Kabogoh diditu-didieu, euweuh nu eucreug.

7. Kanser - Pagawean nu cocok : Macul, ngored. Keuangan : Sakarat, tereh bangkrut. Asmara : Euweuh nu daekeun, modal ipis.

8. Leyo - Pagawean nu cocok : Noelan tukang jajamu. Keuangan : Ripuh pisan, teu sapera-perak acan. Asmara : Ati-ati bakal kapelet, lawan ku dukun ti babakan cibelekok.

9. Libra - Pagawean nu cocok : Ngorehan runtah atawa Tukang beling. Keuangan : Teu becus euweuh gadag neang duit. Asmara : Malem minggu engke manehna keur hayangeun diwowoy peda beureum + peuteuy.

10. Sekorpio - Pagawean nu cocok : Moe huntu di buruan sakapeung, menerkeun kenteng batur. Keuangan : Sarua jiga kamari boke. Asmara : Boga kabogoh panyakitan.

11. Sagitariyus - Pagawean nu cocok : Mersihan balong, mun keur halodo nyopet di pasar. Keuangan : Pamajikan ngadat menta tambahan resiko dapur. Asmara : Ditampilingan wae ku pamajikan, loba tatanya dukun jig!

12. Kaprikorn - Pagawean nu cocok : Dagang kurupuk. Keuangan : Pikawatireun, waspada debt kolektor! Asmara : Hambar, kabogoh hoyong kejutan, jig sakali-kali jadi amroji atuh.

//Nemu di pesbuk


Regards


Umezh

11 comments: